Paménta Tilu Rupa

Halo Pelanggan Rajasoal.com- Paménta Tilu Rupa
 
Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh. Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.
 
Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabinabina, jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, ibekelanana téh ngan sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu anu ngareunah.
 
Mun geus usum panén, nu ngangon téh dibéré pare buruhanana téa. Tapi paréna téh dipilihan anu gambrang pisan. Atuh barang dijual téh hargana teu sakumaha. Teu mahi pikeun meuli baju-baju acan. Munasabah baé mun tukang angon téh papakéanan geus rubat-rabét, siga nu gélo baé.
 
Sakali mangsa éta tukang ngaon téh gering nepi ka teu dapat ngangon. Tapi, ku dununganana téh teu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana ménta kadaharan. Tapi batan méré mah dununganana kalah nyarékan. Majar téh, “Can digawé geus hayang ménta dahar!”
 
Antukna éta tukang ngangon téh musapir. Manéhna prihatin liwat saking sarta ngenes di jero haténa. Beurang peuting manéhna neneda hayang dapat cara deungeun-deungeun, teu kurang hakaneun teu kurang pakéeun. Ku tina nyeri haté, manéhna tuluy miceun manéh ka leuweung, teu dahar teu nginum.
 
Barang geus meunang sababaraha poé manéhna kasaréan ti beurang, handapeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih kerikil tilu siki. Kawas muncang, baruleud, sarta laleucir. Teu kira-kira  anéhna kagéteunana. “Na saha anu neundeun ieu kerikil téh, da tadi mah euweuh?” pokna.
 
Sabot kitu kadéngé aya sora euweuh rupa, “Ujang, ku sabab manéh sakitu prihatinna, ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh meunang ménta tilu rupa. Pék rék ménta naon baé ogé. Dina sakali ménta éta kerikil kudu dialungkeun hiji!”
 
Tukang ngangon liwat saking atoheunana. “Nuhun Gusti, nuhun!” pokna bari nyembah-nyembah.
Ti dinya tukang angon tuluy balik ka lemburna. Sajajalan teu weléh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk gerentes haténa, “Kahiji aing rék ménta beunghar. Kadua rék ménta jadi raja. Lantaran beunghar ogé ari teu agung mah tara dihargaan. Katiluna aing rék ménta loba anak, sangkan dapat nuluykeun raja jeung kabeungharanana.”
 
Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng téh kerikil dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér.
 
Tukang angon gogoléran ceurik, awahing ku ajaib nénjo awak sorangan. Handeueuleun deuih, pédah paméntana anu kahiji geus mubadir. Barang geus leler, manéhna mikir deui. Ceuk gerentesna, “Ah keun baé henteu ikhlas jadi raja ogé, henteu boga anak loba ogé, asal jadi beunghar wé. Tapi ceuli nu matak pikagilaeun téh kudu leungit heula!”
 
Keleweng manéhna ngalungkeun deui kerikil anu kadua, sarta ménta sangkan ceuli anu rimbil dina awakna leungit kabéh. Les baé ceuli téh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tukang angon kacida bungaheunana sarta niatna rék ati-ati pisan dina nepikeun paménta anu katilu.
 
Tapi ras manéhna inget kana ceulina anu dua. Ari dicabak, bet milu leungit. Puguh baé kagéteunana tukang angon. Atuh ngan hing deui baé manéhna ceurik. Leuwih nyeri batan anu tadi, sabab paméntana ngan kari hiji deui.
 
“Kumaha ayeuna aing? Lamun ménta beunghar meureun aing jadi jalma tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun ménta didatangkeun deui ceuli, aing meureun angger malarat.”
 
Sanggeus resah mikiran nasib, bet tiba wangsit tina pikirna anu beresih. “Leuwih hadé aing ménta didatangkeun deui dua ceuli anu asal, da ceuk bodoh ogé apan awak anu walagri, sehat bari jagjag waringkas, leuwih utama batan kakayaan. Sarta saéstuna jalma anu beunghar téh nyaéta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna. Kawas aing, da geus milikna jadi jalma malarat, euweuh sisit beunghar, nya rék ditarimakeun baé. Hanas éta teu boga dahareun, pakéeun, nya rék ihtiar baé, da awak lengkep kénéh, tanaga gedé. Mending néangan baé dunungan anu bageur!” pokna.
You might also like
close